27.2.13

caraga basa sunda



Pancen tugas salaku Calagara dina Akad Nikah
Buka heula ku Hamdalah, Sahadat, Solawat sareng Salam.
Para wargi, sepuh, anom, jaler istri utamina ti rombongan calon panganten pemeget anu ku simkuring dihormat.
Alhamdulilah ku hidayah sareng inayah ti anjeunna urang ditakdirkeun tepang dina raraga nyambungkeun sareng manjangkeun silaturahmi diantawis dua kulawargi pangersana………………….ti …………….sareng kulawargi pangersana …………………………..ti …………….sakalih dina raraga tepung lawung, pasang subayana dua insan papasangan anu bade ngawelah sagara rumah tangga antawis pun anak neng…………….. ka pun adi …………………….
Mudah-mudahan ieu pajemuhan teh diwuwuh ku magfiroh miwah rohmat Alloh SWT.
Sadaya puji kagungan Alloh nu teu kendat – kendat nanggelang nyalira. Taya
nu ngarencangan, nunggal hiji dzat, nu sajabi ti Anjeuna mah teu aya nu layak di Sembah. Pinuji sembaheun hiji – hijina.
Sim kuring ngaku binarung ngedalkeun rasa sukur ka anjeuna. Tobat rawuh istigfar ka anjeuna, miharep binarung muntang pageuh ka anjeuna, minangka bukti  katawakelan hate ka anjeuna.
Sim kuring ngaku dina lisan anu medal tina kayakinan hate, yen teu aya sembaheun  pujieun dina sagala kagiatan hirup sajabi ti Alloh  SWT.
Sareng sim kuring ngaku dina lisan sareng medal tina kayakinan hate  yen Nabi Muhamad teh abdi  Alloh rawuh utusan Mantena.
Para wargi, sepuh, anom, jaler istri anu ku simkuring dihormat.
Simkuring dina ieu waktos kapapancenan janten calagara/protokol ku pribumi sakalih, namung sateuacanna neda sihapunten boh bilih dina ngadugikeun ieu acara seueur kakiranganana.
Kanggo lancarna akad nikah ieu simkuring parantos nyusun runtuyan acara kalayan pamugi, mudah-mudahan sapagodos sadayana.
Runtuyan Acara
1.  Bubuka
2.  Aosan Ayat Suci Al-Quran ku saderek ……………………….
3.  Lisan Seren Sumeren ti sesepuh calon panganten pameget Pangersana ……..
4.  Lisan Panampian ti sesepuh calon panganten istri Pangersana ………………….
5.  Seren Sumeren simbolis tawis pamatri asih pameungkeut deudeuh ti sepuhna
calon panganten pameget ka sepuhna calon panganten istri.
6.  Ijab Qobul :
Pamariosan ku P 3 M / KUA
Ijab Qobul
7.  Sungkem
8.  Sawer / Kaul
9.  Tutup / Ngawilujengkeun
Nu pasini jatuk rami ayeuna dugi ka wanci.
Nu paheut ngeuyeuk kadeudeuh ayeuna parantos rawuh.
Yu papag yu bageakeun bagea wilujeung sumping.
Calonna raja sadinten nu ginding rek diistrenan.
Bagea wilujeung rawuh, anaking sumangga linggih.
Ulah kasmaran, mangga niatan ngambah tangga kabagjaan.
Aling-aling sanubari alang-alang na kasmaran.
Katebak mandara ringkang, ringkang  tedak pangantenan.
Cag ringkang dilawang pamor.
Awor papasangan antara nu tandang jeung nu nganti.
Cag ngarandeg heula ieu pangbagea riwayahna, tampi ku asih kalung kembang kaheman.
Jung satangtung kalungkeun kana kalbu saestu,
Minangka tedak sarasa mapaesan.
Sumangga angseu saseuseup meumeut,
Tampi galih sanubari.

Rum arum arum.arum, Rum arum

Sakitu heula, pancen Calagara iyasana Drs.Budi Rudiatna, mugia aya guna keur anu kapapancenan tugas janten Calagara atawa nu ngatur acara dina raraga akad Nikah. Wilujeng mancen tugas !



























Pangersa bapa pupuhu sakola anu ku sim kuring dipihormat,
Pangersa Bapa miwah ibu guru anu ku sim kuring dipihormat,
Pangersa bapa miwah Ibu rawuh teteh oge kakang Alumni SMA Negeri 2 Ciamis anu ku sim kuring dipihormat,  
Langkung ti payun sumangga urang sanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti nu maha suci rehna Alhamdulillah ku Rahmat sareng Inayah manten-Na , dina danget ieu urang sadaya dipaparin kasehatan  sareng ni’mat islam dugi ka urang sadaya tiasa tiasa kempel ngarium, patepung lawung paamprok jonghok di ieu patempatan dina ieu acara anu ku urang sadaya diantos-antos, nyaeta acara tepang sono Akbar SMA Negeri 2 Ciamis.
Solawat miwah salam mugia salamina ngocor ka jungjunan urang Nabi Agung Muhammad SAW, Ka kulawargina, ka para sahabatna, ka para tabi’in-tabi’ina dugi ka urang salaku umatna mugi di yaumil ahir kenging sapa’at ti manten-Na.
Hadirin sadaya hormateun sim kuring!
Nepangkeun wasta pu Siti Nur Azizah  Alumni angkatan 1993. Sim kuring ngadeg cumarios di payuneun hadirin sadaya wireh kapancenan salaku panata acara dina ieu acara, nyaeta acara tepang sono Akbar SMA Negeri 2 Ciamis ti kawit sakola ieu ngadeg dugi ka wanci ayeuna. Sim kuring neda widi tina kaweningan galih neda jembar setra manah seja nyanggakeun wilujeng sumping ka hadirin sadaya anu parantos kersa ngaluuhan ieu acara, sewu nuhun laksaketi kabingahan. Sumangga lalinggih dina tempat anu parantos disayogikeun. Mugia sing genah betah.
Anapon runtuyan acara tepang sono Akbar, nyaeta :
1.       Bubuka
2.       Ngaoskeun ayat suci Al-Qur’an dilajengkeun solawat nabi
3.       Kedal pamappag ti pupuhu panata calagara tepang sono Akbar
4.       Nembangkeun Nasyid
5.       Biantara pangbagea ti Bapa pupuhu sakola
6.       Biantara pangbagea ti pupuhu OSIS SMA N 2 CMS
7.       Biantara pangbagea ti wawakil Alumni
8.       Bewara forum alumni
9.       Do’a
10.   Panutup
Hadirin bapa miwah ibu rawuh teteh oge kakang Alumni anu ku sim kuring dipihormat!
Supados teu nyangkolong kana waktos , sumangga ieu acara urang buka ku maos basmallah sasarengan, bismillahirrahmanirrahim..
Mugia ku ngalangkungan aosan basmallah ieu kagiatan kenging barokah sareng rido Allah SWT.
Salajengna, sim kuring ngahaturanan ka saderek ..... kanggo maoskeun ayat suci Al-Qur’an dilajengkeun mingpin solawat nabi. Sumangga dihaturanan!
Hatur nuhun ka saderek ...... anu parantos ngaoskeun ayat suci Alqur’an  sareng mingpin solawat nabi, Tos lami acara tepang sono ieu di antos-antos, urang sadaya paturay tineung saparantos sakola tilu taun lamina nungtut elmu di SMA 2. Emut ka sakola, emut ka rerencangan saparakanca, emut ka bapa sinareng Ibu guru. Tangtos moal hilap.





BUBUKA
Assalamua’laikum Wr. Wb.
Bapak-bapak, Ibu-ibu para wargi sadayana anu sami llinggih, hormateun simkuring.
Sakumaha ka uninga ku sadayana, Alhamdulillah calon panganten pameget miwah rombongan parantos sumping ngaleut ngengkeuy ngabandaleut,ngembat-ngembat nyatang pinang. Bismilah, purwa wiwitan ieu pamuka carita minangka pamuka acara. Babasan padika pagawean lamun nangtung ka jungjunan, sing lulus bantun jeung tumbu buah seureuhna.Neda panyaksen acara bade dikawitan.
MAPAG CALON PANGANTEN PAMEGET
Pangersa calon panganten pameget miwah rombongan.Jagong tuhur meunang ngunun haturan wilujeng sumping, di sugeng ing pucu galuh kelurahan katelahna,tempat anyar pangharepan sarakan keur kahirupan kulawargi.Calon panganten Istri, bisi si jalu hanjelu si lanang honcewang, sumangga geura hayap calon panganten pameget miwah rombongan.
PANGALUNGAN MANGLE
Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda tresna kanyaah, mangga geura kalungkeun eta mangle tawis pangrungrum hate perseka kabersihan manah (mangle di kalungkeun).Haturan wilujeng sumping kacalon  panganten pameget. Tutut gunung keong reuma, sumangga geura gek calik.
SESERAHAN
Bismillahhirrahman nirahim
Para hadirin, miwah para tatamu sadayana, khususna ka calon panganten  pameget miwah rombongan, bawi raos emutan pribados, pamali mun dilami-lami, teu kedah dilila-lila, nu dianti-anti ti tatadi,di dago-dago ti bareto, ayeuna parantos nyampak. Sok sanaos sami surti, sami uninga maksadna, nanging, kanggo nyumponan tindak tanduk tata titi duduga. Peryoga manusa pangesi dunya, anu parantos dipaparinan manah, rasa, lisan dina saliring dumadi.Teu cekap ku surti sareng tekad wungkul, namung kedah di sarengan ku ucap .
Teu sae miulan awi, mere cai geusan mandi, mere huhut tina guguran.Namung kedah di bejer beaskeun,kembang boled nu tetela.
Para hadirin miwah para tatamu sadayana, acara urang kawitan ku lantunan kalam ilahi nu bade di lantunkeun ku ____________________________
Ngahaturkeun nuhun ka ____________________ Nuparantos ngalantunkeun kumandang kalam ilahi, mudah-mudahan ageung manfaatna kanggo numaoskeun khususna, umumna ka urang sadaya anu sami-sami ngupingkeun. ”amin”.
Calon panganten pameget miwah rombongan, mugi teu janten kekeling galih renghat nya mamnahan, aya naon nya pamaksadan. Numawi jauh-jauh di jugjug anggang-anggang di teang. Sumangga geura wakcakeun masing balaka (Sumangga ka pangersa kasepuhan calon panganten pameget dihaturanan kapayun kanggo ngadugikeun lebetning kalbu jeroning ati).
PANAMPIAN
Para wargi sadayana, nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu kasepuhan ti pihak calon panganten pameget miwah rombongan. Lain lantung tambuh laku sanes lunta tanpa seja, purwa aya nu di maksad, seja ngaitkeun janji pasini , manjangkeun simpai babarayaan, sakotretna tina hate.
Sakeser daun satangkal, sabungkus bareng jeng bungkusna nyerahkeun panganten pameget sareng cacandakanna. Sim kuring saukur darma, teu wasa  panjang carita. Kanggo pang walerna mangga nyanggakeun kanu di sepuhkeun ti pihak calon panganten Istri.Waktos di sayogikeun.
Para wargi sadayana, bingah amarwata suta, bingah ka giri-giri, bingah nu taya papadana. Nugar cadas mangih emas, mobok manggih gorowong, aya jalan komo mentas. Jalan gede sasapuan batu turun kesik naek, itu purun ieu daek, laksana nya pamaksadan.
Kumargi eta mangga geura hayap calon panganten pameget miwah cacandakanana
Mangga cacandakan hiji di dugikeun secara simbolis ku Ibu calon panganten pameget di tampi ku Ibu calon panganten istri.Nusanes namah di antaykeun wae.
(Mangga calon  panganten pameget di candak kalebet heula kangge di dangdosan).

































Panumbu catur/MC PATURAY TINEUNG KELAS XII SMAN 1 SUMEDANG
Assalamualaikum wr.wb
Sampurasun nu kasuhun ka pupuhu SMAN 1 Sumedang, pupuhu Dinas Pendidikan, komite sakola, guru-guru SMAN 1 Sumedang, bagea ka siswa-siswi SMAN 1 Sumedang, ibu miwah bapak, saderek sadayana, kum ka dulur-dulur nu pengkuh mitra baraya nu satia kana basa jeung budaya sunda.
Sateuacana sumangga urang sasarengan nyanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti Nu Maha Agung anu parantos maparin kasehatan sareng kakiatan ka urang sadaya. Alhamdulillah ku jalaran nikmat ti manten-Na dina danget ieu urang tiasa kempel ngariung di ieu tempat dina raraga “Paturay Tineung Kelas XII SMAN 1 Sumedang”.
Sholawat sinareng salam, urang sanggakeun ka jungjunan alam Nabi Muhammad SAW. , ka para kulawargana, para sohabatna, kalih urang salaku umatna. Amin.
Langkung tipayun simkuring seja nyanggakeun pangwilujeng, rehna siswa-siswi kelas XII parantos lulus Ujian Nasional taun 2011.
Sateuacana, didieun aya sababaraha rupi acara. Simkuring bade medarkeun heula runtuyan acarana diantawisna:
1. Bubuka
2. Mapag Pupuhu
3. Aosan Ayat Suci Al-Quran
4. Pidangan lagu ti Paduan Suara SMAN 1 Sumedang
5. Laporan ti pupuhu panata calagara
6. Laporan ti pupuhu OSIS
7. Pidangan tarian (mangrupi tari merak ti wawakil siswi kelas XI SMAN 1 Sumedang
8. Kedal lisan ti wawakil kelas XII
9. Pidangan seni angklung ti Lingkung Seni Sunda SMAN 1 Sumedang
10. Kedal lisan ti pupuhu sakola
11. Pidangan lagu ti Paduan Suara SMAN 1 Sumedang
12. Kedal lisan ti komite sakola
13. Kedal lisan ti Dinas Pendidikan
14. Pidangan upacara adat prosesi paturay tineung kelas XII
15. Doa
16. Pidangan kasenian gondang
17. SMANSA Award
18. Bewara siswa/siswi berprestasi
19. Pembagian STTB
20. Panutup
Supados teu nyangkolong kana waktos, sumangga urang kawitan wae ieu acara ku aosan basmallah sasarengan. Bismillahirrahmanirrahim.

Hadirin anu ku simkuring dipihormat, salajengna hayu urang nyakseni mangrupi pidangan prosesi mapag pupuhu SMAN 1 Sumedang miwah rengrengan. Mangga dilajengkeun ku panumbu catur kasenian.
Hadirin, salajengna hayu urang sami-sami regepkeun aosan ayat suci Al-Quran anu seja didugikeun ku saderk…… ka saderek……dihaturanan.
Nincak kana acara nu kaopat. Urang nyakseni mangrupi pidangan lagu ti paduan suara SMAN 1 Sumedang.
Salajengna nyaeta laporan ti pupuhu panata calagara. Ka saderek…..dihaturanan.
Lajeng, acara nu kagenep nyaeta laporan ti pupuhu OSIS. Ka saderek……dihaturan.
Nincak kana acara nu katujuh, hayu urang sami-sami nyakseni mangrupi pidangan tari merak ti wawakil siswi kelas XI SMAN 1 Sumedang.
Salajengna, acara nu kadalapan nyaeta kedal lisan ti wawakil kelas XII. Ka saderek…dihaturanan.
Lajeng, acara nu kasalapan nyaeta mangrupi pidangan seni angklung ti Lingkung Seni Sunda SMAN 1 Sumedang. Wilujeng nyakseni.
Salajengna, acara nu kasapuluh kedal lisan ti pupuhu sakola. Bapak Drs. H Masduki Heryana M.M anu ku simkuring dipihormat dihaturanan.
Nincak kana acara nu kasabelas mangrupi pidangan lagu ti paduan suara SMAN 1 Sumedang. Wilujeng nyakseni.
Salajengna, acara nu kaduabelas kedal lisan ti komite sakola. Bapak ……… anu ku simkuring dipihormat dihaturanan.
Salajengna, acara nu katilubelas kedal lisan ti pupuhu Dinas Pendidikan. Bapak ……… anu ku simkuring dipihormat dihaturanan.
Ayeuna urang nincak kana acara puncak, mangrupi pidangan upacara adat prosesi paturay tineung kelas XII. Mangga dilajengkeun ku panumbu catur kasenian.
Lajeng, acara nu kalimabelas nyaeta doa. Ka saderek………..dihaturan kanggo mingpin doa.
Salajengna, acara nu kagenepbelas mangrupi pidangan kasenian gondang. Hayu urang sami-sami nyakseni.
Nincak kana acara nu katujuhbelas nyaeta SMANSA Award. Naon atuh SMANSA Award teh?
Acara nu salajengna nyaeta beware siswa/siswi berprestasi.
Lajeng, acara nu kasalapanbelas, hayu urang nyakseni kelas XII dibaragi STTB.
Ibu miwah bapak anu ku simkuring dipihormat. Runtuyan acara parantos dilaksanakeun. Mugi-mugi ieu acara teh aya mangpaatna. Rupina ieu acara teh urang pungkas wae, simkuring Hanifah Alshofa Nurul Aini sareng Deden Kurnia Syam neda dihapunten samudaya kalepatan. Hatur nuhun kana perhatosannana. Mangga urang tutup ku aosan hamdallah sasarengan. Alhamdulillahirabbilalamin….Wassalamualaikum wr.wb







Tidak ada komentar:

Posting Komentar

 
© Aang Doank | All Rights Reserved
Designed ByImuzcorner | Powered ByBlogger | FCB Blogger Template ByFree Blogger Template