27.2.13

mangfaat tomat,Alpuket,wortol,Tomat

http://t1.gstatic.com/images?q=tbn:ANd9GcS8QVPQeNgsMn2Zz_4A6BpRS4FjINSpiy0CL13cJy_aPehrlecmfg

TOMAT
Tomat mangrupakeun salah sahiji pepelakan nu mindeng pisan katingali ku urang saréréa. Hampir di unggal kebon pasti baé katingali aya tangkal tomat. Teu anéh mémang sabab gampang pisan melak tomat mah. Tomat, salian ti bisa dipaké keur bungbuahan ogé biasa dipaké keur rupa-rupa
pasakan atawa dijieun jus.

Tangkal tomat asalna ti Amerika Tropis tur sok loba ogé di daérah Ekuador, Bolivia, Péru jeung Perancis. Di daérah Perancis mah tomat téh katelah ku pomme d'amour atawa "apel cinta" sabab salah sahiji kagunaanna nyaéta bisa ngubaran nu lemah syahwat tur ningkatkeun kualitas spérma sarta ngaronjatkeun kagesitan spérma.

Di urang ogé tomat kawilang pepelakan nu loba tur gampang kapanggih jeung gampang melakna. Tomat biasana dipelak dina lahan subur ngan alusna mah teu loba teuing curah hujan jeung teu kapoé langsung ku panon poé. Warnana biasana mah beureum, kulitna lecir pisan. Mun simkuring dipelak bakal jadi géhéng...

DR. John Cook Bennet ti Wiloughby University, Ohio, sekitar bulan nopémber taun 1834 nalungtik mangpaat tina buah tomat ieu. Anjeunna mangrupakeun ilmuwan nu pangheulana nalungtik tomat. Numutkeun kana hasil panalungtikanna, tomat bisa dipaké keur ngubaran diaré, serangan empedu, gangguan pencernaan, jeung mulihkeun pungsi liver. Panalungtikan lain ngeunaan tomat nyaéta nyebutkeun yén jél warna konéng tomat bisa keur nyegah penggumpalan jeung pembekuan darah. Salian ti kitu ogé kandungan vitamin C jeung A tina tomat kawilang loba pisan sarta bisa ningkatkeun kekebalan tubuh.

Tomat mun dijadikeun bungbuahan hadéna mah nu warnana beureum tur hadéna dikonsumsi unggal isuk-isuk jeung pasosoré. Hasiatna keur nu geus déwasa mah nyaéta bisa ningkatkeun napsu makan. Lian ti kitu ogé rasa haseum tina tomat asalna tina asam sitrat, kawilang hadé pisan mun seug dijadikeun ubar seueul atawa dikonsumsi ku wanoja nu katarajang PMS (Pre Menstrual Syndrome). Béda deui keur nu boga panyakit maag jeung nu teu kuat ku rasa haseum, hadéna mah ulah nuang buah tomat sanajan dijadikeun jus atawa ditambahan ku gula sabab nambahan parna kana panyakit.

Béda pisan jeung sayuran atawa lalab séjénna, tomat mah leuwih hadé mun diolah atawa dijieun salah sahiji pasakan heula sabab tomat nu geus ancur leuwih loba ngandung lycopene nu gedé hasiatna tibatan tomat nu teu diancurkeun tur dicampurkeun jeung kadaharan séjénna.

Lycopene nyaéta zat antioksidan nu bisa ngancurkeun radikal bébas tina awak alatan tina roko, polusi jeung sinar ultraviolét. Salian ti kitu, lycopene ogé boga hasiat keur nyegah karusakan sél nu bisa ngakibatkeun kanker léhér rahim, kanker prostat, kanker perut, jeung kanker pankréas. Mémang, lycopene bisa kapanggih ogé tina beureumna anggur, samangka jeung gedang ngan kandungan lycopene nu panglobana mah aya dina buah tomat.

Mangpaat Tomat

Biasakeun ti ayeuna mah nuang tomat unggal isuk jeung pasosoré sabab gedé pisan mangpaatna keur kaséhatan urang. Dihandap ieu aya sababaraha mangpaat tina buah tomat asak nu dikonsumsi ku urang:
  • Nurunkeun risiko gangguan jantung
  • Ngaleungitkeun rasa kacapé
  • Nambah napsu makan
  • Ngahambat perkembangan sél kanker
  • Ngahambat penurunan pungsi mata alatan faktor usia
  • Ngurangan risiko radang usus buntu
  • Ngajaga kaséhatan oragan haté, ginjal sarta ngalancarkeun BAB (Buang Air Badag)
  • Ngaleungitkeun éwateun
  • Ngubaran diaré
  • Ningkatkeun jumlah jeung kualitas spérma keur lalaki
  • Mulihkeun fungsi liver
  • Mengatasi masalah kegemukan

Tah éta sababaraha mangpaat tomat nu bisa disebutkeun ku simkuring, masih loba kénéh mangpaat tomat nu séjénna ngan mun disebutkeun didieu mah moal anggeus jigana téh. Kumargi kitu, ti mimiti ayeuna mah sok atuh biasakeun ngonsumsi tomat.

Tomat Keur Ubar

Salian ngeunah keur kadaharan sapopoé, tomat ogé bisa dipaké keur ngubaran rupa-rupa kasakit. Contona baé keur ngubaran nu tipalitek, ngubaran nu bisul, ngubaran éwateun, wasir, jeung sajabana. Ieu aya sababaraha tips ngonsumsi tomat sangkan bisa dijadikeun ubar.

Bisul: Keur nu boga panyakit bisul, leuwih hadé mun diubaran ku tomat, biasana mah mun dilembur sok maké duit koin nu dibungkus ku kertas terus dibeuleum jeung ditutupan ku gelas, ngan cara ieu téh bisa ngakibatkeun penggumpalan darah. Leuwih hadé mun maké buah tomat, carana nyaéta tomat asak, daging jeung sikina dipanaskeun terus diteundeun diluhureun bisul, insyaalloh éta bisul téh baris téréh bucat tur téréh cageur.

Ewateun: Bisa diubaran ku buah tomat, carana nyaéta buah tomat nu geus digodog terus dipotong-potong. Sanggeus kitu potongan tomat éta digosokkeun kanu éwateun. Antepkeun salila kurang leuwih sapuluh menit, sanggeus kitu kumbah nepi ka beresih. Lakukeun cing rutin, hadéna mah saméméh kulem.

Ulkus lambung: Cara ngubaranna nyaéta, iris buah tomat asak jeung jeruk nu dihaseumkeun masing-masing sasiki baé, ulah seueur teuing hambur biaya. Saatos kitu tambahkeun saséndok makan madu. Terus salajengna diaduk nepi ka rata. Dituang 3-4 kali sapoé salila 3 minggu, insyaalloh kasakitna baris ngurangan. Cara ngahaseumkeun buah jeruk nyaéta 250 gr uyah jeung 500 gr jeruk lémon dihijikeun dina topless beling, terus dipoé nepi ka buah jeung kulitna ngariut.

Cara Milih Tomat

Buah tomat aya ogé warnana nu héjo tur loba pisan dijual dipasar. Tomat kumaha nu hadé keur dikonsumsi ku urang tur kumaha cara milihan buah tomat nu alus keur kaséhatan téh? Ieu aya sababaraha tips pikeun milih buah tomat, diantarana baé:
  • Pilih tomat nu warnana beureum kolot
  • Pilih tomat nu peungkeur kénéh tur taya bagian nu lembék. Mun aya bagian nu lembék, berarti tomat éta dijerona geus aya nu buruk.
  • Pilih tomat nu warnana katingali hérang cerah, ulah nu warnana rada reueuk.
  • Perhatikeun pangkal tomat, lamun kaambung aya bau haseum tur kaluar cai, hal éta nuduhkeun yén tomat éta téh geus mimiti buruk.
  • Keur nyirikeun yén tomat anyar kénéh, pilih nu masih kénéh katingali seger tur kulitna can aya kariput.

Sakitu heula ti simkuring mah, capé nulisna ogé, engké wé diteruskeun deui dina bagbagan nu séjénna. Mugia ieu tulisan aya mangpaatna keur urang saréréa jeung bisa jadi cukang lantaran pikeun kaséhatan urang.












JAMBU WALANDA (ALPUKET)

http://t0.gstatic.com/images?q=tbn:ANd9GcRyIV_DxmjbkkxqcJksaGlux2tn-A8XjjmHnzbQGwTtoDjdwgHMR-Tw91Y



Tangkal jambu walanda (alpuket) asalna ti Amérika Tengah. Diditu mah cenah seueur pisan nu melak di kebon atawa di pakarangan imah nu taneuha subur jeung teu kakeueum ku cai. Sok sanajan bisa dipelak didataran rendah, leuwih hadé tur maksimal lamun alpuket dipelak disekitar 200-1.000 m diluhureun permukaan laut (dpl) didaérah tropik nu loba curah hujanna.

Tangkal alpuket kaitung tangkal nu leutik, luhurna ngan 3-10 m. Alpuket nu ku urang mah sering ogé disebut jambu walanda, loba pisan mangpaatna keur kaséhatan. Diantarana waé keur ngubaran sariawan, kencing batu, nyeri sirah, hiperténsi atawa darah tinggi, nyeri saraf (neuralgia), nyeri lambung, bareuh saluran pernapasan (bronchial swéllings), nyeri waos, kencing manis (diabétés melitus), jeung ménstruasi teu teratur. Bagian nu sok dijadikeun ubar téh nyaéta buah, siki, jeung daunna.


Sariawan
Pikeun nu katarajang sariawan, tiasa dilandongan baé ku alpuket asak nu digalokeun ku madu murni, seueurna tiasa 2 nepi ka 3 sendok makan. Dituangna unggal dinten, sakali ogé tos cekap, ulah seueur teuing da hambur jeung deuih karunya batur kabita .


Kencing batu
Kanggo ngalandongan kencing batu, sayogikeun baé 4 lembar daun alpuket, 3 siki teki, 5 lembar daun randu, satengah siki jambé, 1 buah pala, 3 ramo gula beureum, sadaya bahan éta dikumbah nepi ka beresih teras digodog nganggo cai kirang langkung 3 gelas nepi ka nyésa 2 1/4 gelas. Saatos tiis disaring teras dileueutkeun kanu katarajang kencing batu. Sadinten tiasa tilu kali kalayan seueurna 3 x 3/4 gelas.


Darah tinggi
Kanggo ngalandongan darah tinggi mah cekap ku 3 lambar daun alpuket. Caranya nyaéta dikumbah heula nepi ka beresih, teras digodog ku cai nepi ka asak. Saatos tiis caina teras dileueut dugi ka séép.


Ngalembabkeun kulit raray nu garing
Bagéan ieu mah nu dianggo téh nyaéta buahna. Carana nyaéta daging buah alpuket diancurkeun atanapi di blénder dugi ka lembut. Saatos lembut ulah dituang bisi wareg , tapi dioléskeun kana raray dianggo masker. Saatos garing nembé raray diwasuh nepi ka beresih deui.


Nyeri waos lantaran bolong
Dina bagéan ieu mah nu dianggo téh nyaéta sikina. Siki alpuket dipoé nepi ka garing, saatos kitu ditutu nepi ka lembut. Bubuk siki alpuket nu tos lembut dilebetkeun kana waos nu bolong.


Bareuh sabab radang
Bubuk siki alpuket dicampur jeung cai sacukupna tuluy digalokeun sangkan jadi jiga bubur. Saatos kitu éta bubur siki alpuket téh dibalurkeun kanu bareuh.


Kencing manis
Bagéan ieu ogé masih kénéh nganggo siki alpuket. Carana, siki alpuket dibeuleum saatos asak teras dipotong sangkan laleutik nganggo bedog da teuas. Saatos kitu digodog kalayan nganggo cai beresih nepi ka warna caina jadi coklat. Saatos kitu disaring, caina dileueut mun tos tiis.

Kanggo ngalandongan nyeri sirah, nyeri padaharan, bareuh saluran napas, nyeri satulang sandi (neuralgia) jeung datang bulan nu teu teratur, tiasa nuang baé buah alpuket atawa ngaleueut cai entéh.

Salian ti nu geus disebutkeun diluhur, numutkeun panalungtikan, daun alpuket mibanda aktipitas atawa tiasa jadi anti baktéri jeung ngahambat perkembangan Staphylococcus aureus strain A jeung B, Staphylococcus albus, Pseudomonas sp., Proteus sp., Escherichea coli jeung Bacillus subtilis.





Mangpaat Gedang
http://t3.gstatic.com/images?q=tbn:ANd9GcQP8P7IHgM6e7vyO6TGbEGHGVz09xJRCmcde10SDWNbafgHXRF5

Uninga gedang? Resep gedang? Jawabanna pasti resep da nu nulis ogé sami resep pisan, komo deui mun haratis mah. Gedang nyaéta sarupaning bungbuahan nu sok disadiakeun dina méja kalayan jadi kasedep urang saréréa. Salian ti rasana nu amis tur matak pikabitaeun, ogé kandungan vitamin C nu aya dina gedang nurutkeun juru talungtik leuwih loba tinimang jeruk.

Gedang lian ti rasana nu amis tur ngeunah jeung matak seger kana awak, ogé matak sehat saupama kuurang dikonsumsi. Numutkeun kana hasil panalungtikan, gedang ogé bisa dipaké keur ubar mun seug urang katarajang ku panyakit. Hoyong terang carana? Sok atuh urang tingali mangpaatna:

Buah gedang
Leuwih loba ngandung kalium jeung magnesium, salian ti éta ogé euyeub ku karotén, vitamin C, jeung flavonoid sahingga mun seug ku urang dikonsumsi ngagaduhan pungsi jadi zat anti panyakit kanker. Enzim papain nu aya dina gedang ogé mibanda pungsi keur nguraikeun serat-serat tina sésa kadaharan sahingga ngalancarkeun BAB. Saumpama dituang kalayan rutin, tiasa ngubaran kasakit tina padaharan tur tiasa ogé ngurangan rasa panas nalika katarajang panas tiris.

Daun gedang
Mun resep mah tiasa dianggo keur lalab atawa keur sayur. Memang rasana ogé rada pait tapi mangpaatna kalintang ageung pisan, diantarana waé keur ngubaran malaria, nyeri beuteung, tur keur nambah napsu makan. Carana, campurkeun waé daun gedang nu masih seger kénéh kira-kira sagedé dampal leungeun ditambahan uyah saeutik jeung kira-kira 1/2 gelas cai haneut. Nyampurkeunna tiasa ogé diblénder ngarah téréh mah. Saatos kitu peureut candak caina. Leueut cai campuran éta sadinten sakali, insyaalloh kasakit téh baris énggal damang deui.

Siki gedang
Nepi ka sikina ogé aya mangpaatna, nyaéta keur ngubaran nu cacingan. Carana, siki gedang dipoé nepi ka garing, saatos garing ditutu nepi ka lembut. Kira-kira 10 gr, godog jeung cai kurang leuwih 150 ml nepi ka caina kira-kira 75 ml. Saatos kitu leueutkeun kanu katarajang cacingan kira-kira 2 jam méméh tuang, saéna mah saacan tuang wengi.



Mangpaat Wortel Jeung Kaséhatan




http://t3.gstatic.com/images?q=tbn:ANd9GcTv-x3l6VKKW7mN3Xq_Y9mNiwGqYAtjO2t1NSOfubiSZ6hR4Bbf



Wortel (Daucus carota) nyaéta hiji pepelakan nu sok dijadikeun bahan keur sayuran. Dipelakna bisa sapanjang taun. Alusna mah dipelakna didaérah nu miboga hawa tiis jeung lembab nyaéta kurang leuwih 1.200 m diluhureun permukaan laut (dpl).

Mun seug urang aya kereteg pikeun melak wortel, kawilang alus pisan sabab wortel mah dina usum naon baé ogé bisa jadi boh usum halodo atawa usum hujan. Ngan dina melakna kudu ditempat nu tiis hawana tur lembab ogé kudu kasorot ku panon poé langsung. Tangtu wé kudu dipelak dina lahan nu subur. Tangkal jeung daunna hampir sarua jeung salédri. Nu diarah téh kalolobaanna mah nyaéta bagéan akarna, ceuk urang Indonésia mah umbi akar.

Numutkeun katerangan ti para botanis, wortel téh aya sababaraha jinis, diantarana baé wortel jinis imperator (Daucus carota, Linn), nyaéta wortel nu ukuran akarna panjang jeung semu méncos. Salian ti kitu ogé rasana kurang amis. Nu kadua, jinis chantenang, nyaéta wortel nu akarna téh semu buleud panjang tur rasana rada amis. Jinis nu katilu nyaéta jinis mantes, ieu mah hasil kombinasi antara jinis imperator jeung jinis chantenang. Akarna ngabogaan warna nu jadi ciri khas nyaéta oranyeu.

Sababaraha panyakit nu bisa diubaran ku wortel

Geus jadi rusiah umum, geus pada apal yén kandungan vitamin A nu loba pisan téh aya dina wortel. Vitamin A dibutuhkeun pisan ku retina panon jadi kawilang alus pisan mun nuang wortel, ngan simkuring didieu saatos maluruh jeung tatanya tur tatamba ka mbah google, diwaler ku mbah google yén wortel téh lain keur ngubaran panon wungkul tapi bisa ogé dipaké keur ngubaran sababaraha panyakit, diantarana baé kejang jantung, eksim, cacing krémi, panon mines, ngurangan rasiko stroke, jeung sajabana. Capé kudu nyebutkeun hiji-hiji mah. Urang bahas baé sababaraha panyakit nu bisa diubaran ku wortel.

Panon

Lamun urang ningali naon baé nu jarakna jauh, lénsa panon urang bakal jadi ipis, kitu ogé sabalikna, mun ningali naon baé nu jarakna rada deukeut, mangka lénsa panon urang bakal ngandelan. Aya sawatara panyakit nu nimbulkeun urang kurang bérés dina ningali banda-banda nu jarakna deukeut nu disebut buta dekat ku urang Indonésia mah. Buta dekat ieu téh alatan tina pungsi lénsa panon urang nu kaganggu pikeun ngandelan jeung ngaipisan.

Gangguan panon modél kieu bisa diubaran ku ubar kampung alias ubar tradisional téa, sayogikeun baé 50 gr daun wortel, 400 gr wortel. Saatos kitu dibubukkeun atawa diblénder, dijadikeun jus wortel. Tuang cing rutin, insyaalloh panon téh baris bisa ningali deui sakumaha bihara bihari.

Salian ti éta bisa ogé ngagunakeun buah léngkéng, carana nyaéta 20 buah léngkéng nu dipiceun sikina dihijikeun jeung 300 gr wortel, ditambahan 2 ati hayam. Mun nu kahiji mah dijadikeun jus, nu kadua ieu mah lain dijadikeun jus tapi di tim, dijadikeun deungeun sangu. Saatos kitu mah dituang cing rutin.

Kejang Jantung

Cirina katarajang kejang jantung téh nyaéta sok karasa nyeri dipalebah sabudeureun jantung. Biasana mah karasana téh lamun urang migawé pagawéan nu beurat misalna baé macul, manggul karung béas, manggul setum atawa beus. Salian ti migawé pagawéan pisik nu beurat, ogé bakal karasa dimana urang keur sutres atawa kateken. Salian ti éta, lamun leumpang gurung gusuh terus karasa nyeri dina dada nu cindekna mah sabudeureun jantung. Kasakit atawa rasa nyeri éta baris ilang atawa leungit lamun urang istirahat heula sababaraha menit. Hal ieu diakibatkeun ku ayana ngariutna atawa penyempitan pembuluh darah ka jantung tapi henteu ari kasumbat mah saperti dina panyakit jantung.

Keur ngubaran kejang jantung, sadiakeun baé 300 gr wortel jeung 100 gr lokio, terus digodog nepi ka asak. Saatos asak, lebetkeun kana blénder. Tambahan kurang leuwih 100 cc cai hérang jeung 2 séndok makan madu. Tos kitu mah di blénder wé nepi ka lembut. Jus wortel ieu dituang cing rutin sapoé sakali.

Nurunkeun Risiko Kanker

Penelitian nu dilakukeun ku hampir 90.000 juru rawat awéwé salila 8 taun di Amérika ngungkapkeun yén nuang wortel paling saeutik lima kali tiap minggu bisa nurunkeun risiko setruk sekitar 68 persén dibandingkeun jeung nu nuang wortel ngan sabulan sakali. Hal ieu disababkeun ku aktipitas antioksidan tina wortel. Béta karotén bisa ngahambat kolésterol ngarah teu mibanda sipat racun jeung teu matak ngajadikeun plak jeung ngabeungbleu dina pembuluh darah.

Masih loba kénéh mangpaat tina nuang wortel keur kaséhatan urang, didieu mah ngan sakitu heula wé nya da capé atuh nulisna ogé. Mugia ieu tulisan téh jadi lantaran keur ngubaran kasakit urang. Sakitu nu kapihatur, bilih aya nu badé nambihan mah sumangga diantos ku simkuring.



Tidak ada komentar:

Posting Komentar

 
© Aang Doank | All Rights Reserved
Designed ByImuzcorner | Powered ByBlogger | FCB Blogger Template ByFree Blogger Template